Friday 24 February 2012

Mundingkawati

Terimakasih atas kunjungan anda

sinopsis MUNDING KAWATI

Dalam Carita Pantun ini, diterangkan bahwa Prabu Mundingkawati merupakan keturunan Prabu Siliwangi dan menjadi raja di Haur Doni.Prabu Mundingkawati memiliki 2 orang permaisuri yakni Ratna Sari dan Ratna Kembang. Keduanya keturunan bidadari dari kahiangan yang sama-sama sedang mengandung.Pada suatu saat kedua permaisuri bermimpi didatangi kucing candramawat yang naik ke pangkuan masing-masing, keraton rusak, negara dilanda banjir, dan raja berlayar dengan perahu diterjang angin ribut sampai tenggelam. Baginda menafsirkannya sebagai pertanda akan ada raja yang meyatakan takluk.

Sementara itu Gagak Sagara dan Badak Komalang, raja kembar di negara Kuta Daha bermaksud akan mengambil permaisuri keturunan bidadari yang sudah diperistri oleh Munding Kawati. Keduanya dihalangi oleh adik mereka, Putri Sunten Wayang, karena Mundingkawati itu keturunan Pajajaran, tapi tak mau mendengar.Dengan menyamar keduanya dapat menipu Mundingkawati dan membunuhnya.

Sementara itu kedua permaisuri yang mendapat firasat buruk pulang ke Kahyangan. Ketika tiba saatnya melahirkan, keduanya diturunkan di Cipatih Nunggal. Bayi yang dilahirkan keduanya laki-laki. Kedua permaisuri terhembus oleh nafas Yaksa Mayuta dan jatuh di Cadas Patenggang. Kedua bayi dimakan, tetapi tidak mati, malah berlatih perang dalam perut raksasa. Setelah bosan berlatih mereka keluar dengan merobek uluhati raksasa itu dan mengambil azimat cupumanik astagina dari tenggorokannya. Lalu menolong ibunya dan menantang Gagak Sangara dan Badak Komalang. Kedua raja itu dapat dikalahkan dan menunjukkan tempat mayat Munding Kawati. Dengan azimat cupumanik, Munding Kawati dihidupkan kembali.

Carita pantun ini pernah direkam, ditranskripsi dan dipublikasikan oleh PPP & PS dengan pengantar AYIP ROSIDI (Bandung, 1971) berdasarkan Juru Pantun Atma dari kampung Banggala, Subang.

Tuesday 21 February 2012

Puisi Sunda

                                                
                                                     MAPAY LARATAN

                                                
                                                Lebah dinya .....................
Basa mega reueuk langit angkeub
Teuteupan anteb na tungtung lelembutan
Na kongkolak mangsa nu laas
Nyingraykeun kalangkang carita
Basa hujan poyan silantangan
Nu murag saalak paul
Maseuhan tatapakan lampah
Geuning…………………
Saur aki dina pantun
Nu lumungsur na kuwung-kuwung
Para apsari muru leuwi nu asri
Ngahariring lagu asih
Banjar sinom jeung asmarandana
Muragkeun seahna badra ngendagkeun geterna rasa
Sidik lebah dinya
Diteang ka sipatahunan
Dipaluruh ka citarum
Anger suwung taya laratan
Nu ngancik dina pikir kasilih wanci
Hiji aran nu ngalagena geus sirna
Geuning…………. Saur aki
Basa mega puray ngalalangseanan srengenge
Majar meulah kota bandung meuntasan asia afrika
Sidik nunjang ngidul
Tapi angger taya larataan
Cenah caina herang ngagenyas
Ngoleab kasagara katresna
Panglinggihan para dewi na katumbiri
Aki…………………………..
Pangnyingraykeun lalangse hate nu can paler
Nu dikungkung kuliwung kagandrung

Ch, 11/96


                                                     
                                                      SITU WANAYASA
Basa sang surya rek lekasan
Nyaangan marcapada
Nu tembong ukur ngelemeng
Satukangeun mega
Kapinis mimiti ngarampih
Ninggalkeun beungeut cai
Jalan nu ngembat panjang mimiti simpe
Didinya………………………….
Lebah waruga nu ilang dangiangna
Waruga nu sirna pamorna
Pucuk-pucuk pines ting aroyag
Ngagupayan pang ropea deungeun
Sasambat bari lumengis
Ka angin satukangeun pasir
Menta tulung kapepedut
Nu nyimbutan gunung
Lebah pasir nu ngadungkuk
Meh ngarungkupan warugana
Nu katincak kagandengan lemahna
Teu ieuh ngarasula
Henteu ieuh jadi pikir
Nu dipamrih ukur asih
Kasaha minangsaraya
Kasaha kudu sasambat
Ieuh bulan………………………..
Entong mindeng teuing anjeun nembongan
Sangkan umur kula rada manjangan
Peuting beuki simpe
Nu kadenge ukur rorongkeng
Pasir santri jadi saksi jeritna waruga nu tanpa daya

CH, 11/96














             GALINDENG TRESNA

Sumirat hibar na kelemengna mangsa
Nyaangan asih nu ngancik ti bihari
Ngahibaran katresna nu kembangan
Meungkeut deudeuh jeung geugeutna

Eulis…………………………
Asih urang lain implengan
Nu ngoleab na kembang impian
Lain halimun nu ngungkung lamunan
Asih urang langit wening bentang baranang
Asih urang malati asri mangkak kembangan
Asih urang galindeng tresna

Eulis…………………………………….
Galindeng asih nu kamari
Teu incah na pangreungeu
Sanajan kalindih angin peuting
Galindeng tresna nyerep nyusup na lelembutan
Ngantebkeun pameungkeut deudeuh

CH, 12/96

LIWUNG

Kamari handapeun linduhna camara
Hate marudah teu wasa ngedalkeun rasa
Ukur angin……………..
Nu tingtrim niiskeun pikir
Mepes hate nu galecok
Teu daek simpe
Sanajan kasapih janari leutik
Nu gumulung kalah mindeng nembongan
Ngolebat dina ciciptan
Kumaha ngedalkeunana
Kumaha nepikeun asih
Rasa nu rosa
Meh bedah jeroeun dada
Nguping lagu nambah ewuh
Ngahariring nambah gering pikir
Ngagalura mapay rasa
Ngancik na sanubari
Kahayang samar kasorang
Beurang geus rek lekasan
Nu linduh iuh imutna
Nu deudeuh teuteupanana
Can keneh aya nembongan
Hate beuki marudah
Boa asih teh ukur geterna rasa
Nu hese ngedalkeunana

CH, 1/97


KATAMBIAS



















Balebat tembong sakolebatan
Nyaangan langit pamuntangan bentang
Euyeub layeut dina mega
Sakapeung kakalicesan
Kapindingan indung burit
Kahalangan mega malang
                                                      Mepende alam nu simpe
Ngusapan sukma nu ngalalana
Nungtun jauh lelembutan
Mangsa campaka ligar
Nebarkeun sari seungitna
Dieunteupan bangbara jeung nyiruan
Parebut hancengan
Indung peuting nyaksian
Campaka nu mokahaan
Nyuruwuk ka alak paul
Dina pipinding peuting
Jarambah…………………………………..
Ngacacang diawang-awang
Pangling ka diri lali kapurwadaksi
Mangsa kembang lempes ka poe
Ngoleab duka kamana
Teu kajait ku indung peuting
Teu kasiram cikahuripan
Ngalungsar teu walakaya

CH, 3/97

Thursday 16 February 2012

Patung Venus

patung venus - Thorvaldsen dibuat tahun 1813
Venus - Thorvaldsen
Venus - FelixPioClementino 
Venus

VenusItalica